Lirik Lagu Nutupan Kanyeri - Abiel Jatnika


Dirasa hirup geus taya arti
Saenggeus anjeun ingkar tina janji
Anu salila ieu anjeun lisankeun rek satia
Satuhu miasih

Gening naha kedah kieu jadina
Ku teu di sangka ku teu dinyana
Ngabagi rasa ka anu lian
Nu ahirna
Asih peunggas ku dipungkas

Pajar akang nu tega
Nu tega meugatkeun tresna
Padahal nu saenyana
Anjeun nu nyieun ieu kucewa

Asih anu suci
Ayeuna geus taya deui
Akang nyeri
Lain harti henteu surti
Dalah peurih nu ka tampi
Kuring ikhlas narima peurih na ati

Seuri lain harti
Tur bagja diri
Tapi seuri pikeun
Nyimbutan ieu kanyeuri 
Nutupan kanyeuri
=====================================



0 Komentar untuk "Lirik Lagu Nutupan Kanyeri - Abiel Jatnika"

Back To Top