Hawa tiis hiliwir angin ti peuting
Girimis nyaksi diri nu lumeungis
pikir ngalayang mihareup anjeun nembongan
anu lunta sanggeus nitipkeun tunggara
Diri nganti Jangji nu keudal kamari
Basa ngareka asih mimiti
Pasrah sumeurah nembrakeun rasa kanyaah
Sugan tea moal pinanggih jeung pukah
Naha kanyaah kamari
Di pulang rasa kanyeuri
Nyeuit Kana hate
Geuning harewos jangjina
Ngan ukur reka perdaya
Diri heunteu daya
Peurih karasana
Naon piubareun nana
Anjeun tega nganiyaya rasa
===================================
0 Komentar untuk "Lirik Lagu Mulang Kanyeri - Gitta Fitria"