Lirik Lagu Cinta Duaan - Abiel Jatnika


Cinta nu urang duaan
Lir kembang seungitna anu nyambuang
Meujeuhna mekar di taman ati
Ngahiasan éndahna rasa

Sono teu weléh pogot
Kacinta taya laasna
Teu weléh manteng
ka salira unggal dinten
Nu kaimpi unggal sonten

Reff.
Mugia salawasna, anjeun tetep cinta
Seja satia ngantosan, dina waktosna
Urang silih pikanyaah
Geugeut deudeuh dina rangkulan

Cinta urang duaan, sing lana manjang
Silih anteurkeun kadeudeuh
nu nyangreud pageuh
Sing ngajadi dugi ka pati
Sing laksana dugi ka jaga

Sono teu weléh pogot
Kacinta taya laasna
Teu weléh manteng
ka salira unggal dinten
Nu kaimpi unggal sonten

Reff.
Mugia salawasna, anjeun tetep cinta
Seja satia ngantosan, dina waktosna
Urang silih pikanyaah
Geugeut deudeuh dina rangkulan

Cinta urang duaan, sing lana manjang
Silih anteurkeun kadeudeuh
nu nyangreud pageuh
Sing ngajadi dugi ka pati
Sing laksana dugi ka jaga
===============================

0 Komentar untuk "Lirik Lagu Cinta Duaan - Abiel Jatnika"

Back To Top